SAJAK SUNDA
RUWAT LEMBUR Sampurasun! Sampurasun! Sampurasun! Amit ampun nu paralun Ka Batara ka batari Ka Batara nu ngajaga Ka Batari nu ngajagi Nu lenggah di kahyangan Nu ngajaring beurang peuting Ka luhur neda papayung Papayung Nu Maha Agung Ka handap neda pangraksa Pangrakasa Maha Kawasa Kaler, kulon, kidul, wetan Tengahna pon pilalagi Karang tempat ruangriung Karang tempat kuring cicing Karang tempat magelaran Ngaguar seni budaya Tapak lacak nu ti heula Jadi talari tradisi Disanggi ku nu pandeuri Amit ka nu mangku lembur Nu keur nungsi di nu sepi Nu keur genah tumaninah Bilih keur calik-kausik Bilih keur lenggah -kapondah Kalengkahan kagandengan kaganggu kaliliwatan Neda ageung cukup lumur Neda jembar pangampura Sim kuring sakulawargi Kaula sakulawarga Niat rek ngaruwat jagat Maksud rek ngaruwat lembur Ngaliwatan tatanggapan Medah lampah pawayangan Pageran pawayangan Mangrupi seni pintonan Pamugi jadi tungtunan Panguar kamaslahatan Panyinglar kamadaratan Guareun pikahareupeun Regepkeun la...