SAJAK SUNDA
LEUNGITEUN
Leungiteun,
Abdi leungiteun
Salami anjeun ngantunkeun
Cicing karasa ngaheuning
Nangtung karasa lumanjung
Leumpang karasa longkewang
Lumampah karasa seunggah
Tuman rekes sauyunan
Tuman kulem sakurungan
Tuman tuang saamparan
Tuman calik rerendengan
Tuman miang sasarengan
Ayeuna abdi nyorangan
Taya tihang pamuntangan
Tay gunung pananggeuhan
Taya keur panyaluuhan
Taya keur panyalindngan
Teu bisa disisilahan
Sok remen katurelengan
Alatan kabungbulengan
Duh, panutan
Duh, jungjunan
Salira pangawulaan
Kiwari geus miheulaan
Dipundut ku Nu Maha Heman
Mungkas alam karamean
Nincak alam kalanggeungan
Pidu'a nganteng nyarengan
Mugia kasinugrahan
Nyandang rasa kabagjaan
Nyanding surga kani'matan
Diridoan ku Pangeran
#sajaksunda
Komentar
Posting Komentar