SAJAK SUNDA

 RUWAT LEMBUR


Sampurasun!
Sampurasun!
Sampurasun!

Amit ampun nu paralun
Ka Batara ka batari
Ka Batara nu ngajaga
Ka Batari nu ngajagi
Nu lenggah di kahyangan
Nu ngajaring beurang peuting

Ka luhur neda papayung
Papayung Nu Maha Agung
Ka handap neda pangraksa
Pangrakasa Maha Kawasa
Kaler, kulon, kidul, wetan
Tengahna pon pilalagi

Karang tempat ruangriung
Karang tempat kuring cicing
Karang tempat magelaran
Ngaguar seni budaya
Tapak lacak nu ti heula
Jadi talari tradisi
Disanggi ku nu pandeuri

Amit ka nu mangku lembur
Nu keur nungsi di nu sepi
Nu keur genah tumaninah
Bilih keur calik-kausik
Bilih keur lenggah -kapondah
Kalengkahan kagandengan
kaganggu kaliliwatan
Neda ageung cukup lumur
Neda jembar pangampura

Sim kuring sakulawargi
Kaula sakulawarga
Niat rek ngaruwat jagat
Maksud rek ngaruwat lembur
Ngaliwatan tatanggapan
Medah lampah pawayangan

Pageran pawayangan
Mangrupi seni pintonan
Pamugi jadi tungtunan
Panguar kamaslahatan
Panyinglar kamadaratan

Guareun pikahareupeun
Regepkeun larapkeun
Malahmandar jadi pakeeun
Nyimraykeun ceudeum haleungheum
Nyaangan ka nu poekeun
Muga-muga diparengkeun
Muka liang pibalikeun
Muka lawang pimulangeun

Ngaruwat ngarah karuat
Kuat ais pangampihna
Kuat papayung agungna
Karuat masarakatna
Kuat lahir kuat batin
Kuat jasmani kuat rohani
Karuat jiwa ragana
Kuat jagat pamidangan
Kuat lembur padumukan

Subur tutuwuhan
Beunghar pepelakan
Reuay sasatoan
Harta banda salieuk breh
Rea ketan rea keton
Raweuh beuweungeun reumbay alaeun
Bru di juru bro di panto
ngalayah di tengah imah
Buncir leuit loba duit
Murah sandang pangan papan

Ahli tani pada mukti
Kaum buruh henteu ripuh
Pagawe sarimpe hate
Padagang saruka senang
Sepi paling towong rampog
Suda begal ayem tengtrem
Genah, ngeunah, betah,
Merenah, tur tumaninah
Punah ku rajah pamunah
Punah ku rajah pamunah
Rahayu, rahayu, rahayu

Komentar

Postingan populer dari blog ini

SAJAK SUNDA