Sajak Sunda

JALADRI ASIH

Kasedih teu euih-euih,

Estu peurih njuruh getih,

Salirantos pulih,

Diampih ku Nu Maha Asih,


Jaladri asih kasilih,

Henteu bisa disisilih,

Salira insan pinilih,

Sugih ku elmu lineuwih,


Pangwawadi estu matih,

Pikeun jiwa anu sagetih,

Sarta insan nu sakolih,


Sangkan hirup repeh-rapij,

Paniatan wening galih,

padamelan sepi pambrih,


Abdi teu weleh meredih,

Ngadua ka Nu Maha Asih,

Mugia salira pinanggih,

Kani'matan putih-ratih


#Sajakasunda

Komentar

Postingan populer dari blog ini

SAJAK SUNDA