Postingan

Sukabumi Kota Polisi

Gambar
  1. Latar Historis dan Filosofis Sejarah pendidikan kepolisian di Sukabumi Sukabumi sejak zaman kolonial Belanda sudah memiliki status pemerintahan kota (“gemeente”) sekitar tahun 1914, sebagai pusat administratif, termasuk fasilitas-transportasi dan infrastruktur yang memadai. Portal Kota Sukabumi +2 KDP Kota Sukabumi +2 Kemudian di tahun 1927 muncul sekolah pendidikan kepolisian (“sekolah pendidikan kepolisian”) di Sukabumi. Hal ini menurut Wali Kota menjadi salah satu dasar historis bahwa Sukabumi secara empiris dan psikologis sudah terhubung erat dengan institusi kepolisian. KDP Kota Sukabumi Makna filosofis “kota polisi” Filosofi di balik menyematkan gelar “kota polisi” bisa mencakup beberapa hal: Ketertiban dan keamanan menjadi nilai utama yang diutamakan, bahwa kota ini menjadikan penegakan hukum, keadilan, dan pelayanan publik sebagai landasan utama masyarakatnya. Profesionalisme dan integritas , bahwa polisi tidak hanya sebagai entitas kekuasaan, tetapi se...

SAJAK SUNDA

 RUWAT LEMBUR Sampurasun! Sampurasun! Sampurasun! Amit ampun nu paralun Ka Batara ka batari Ka Batara nu ngajaga Ka Batari nu ngajagi Nu lenggah di kahyangan Nu ngajaring beurang peuting Ka luhur neda papayung Papayung Nu Maha Agung Ka handap neda pangraksa Pangrakasa Maha Kawasa Kaler, kulon, kidul, wetan Tengahna pon pilalagi Karang tempat ruangriung Karang tempat kuring cicing Karang tempat magelaran Ngaguar seni budaya Tapak lacak nu ti heula Jadi talari tradisi Disanggi ku nu pandeuri Amit ka nu mangku lembur Nu keur nungsi di nu sepi Nu keur genah tumaninah Bilih keur calik-kausik Bilih keur lenggah -kapondah Kalengkahan kagandengan kaganggu kaliliwatan Neda ageung cukup lumur Neda jembar pangampura Sim kuring sakulawargi Kaula sakulawarga Niat rek ngaruwat jagat Maksud rek ngaruwat lembur Ngaliwatan tatanggapan Medah lampah pawayangan Pageran pawayangan Mangrupi seni pintonan Pamugi jadi tungtunan Panguar kamaslahatan Panyinglar kamadaratan Guareun pikahareupeun Regepkeun la...

SAJAK SUNDA

 LEUNGITEUN Leungiteun, Abdi leungiteun Salami anjeun ngantunkeun Cicing karasa ngaheuning Nangtung karasa lumanjung Leumpang karasa longkewang Lumampah karasa seunggah Tuman rekes sauyunan Tuman kulem sakurungan Tuman tuang saamparan Tuman calik rerendengan Tuman miang sasarengan Ayeuna abdi nyorangan Taya tihang pamuntangan Tay gunung pananggeuhan Taya keur panyaluuhan Taya keur panyalindngan Teu bisa disisilahan Sok remen katurelengan Alatan kabungbulengan Duh, panutan Duh, jungjunan Salira pangawulaan Kiwari geus miheulaan Dipundut ku Nu Maha Heman Mungkas alam karamean Nincak alam kalanggeungan Pidu'a nganteng nyarengan Mugia kasinugrahan Nyandang rasa kabagjaan Nyanding surga kani'matan Diridoan ku Pangeran #sajaksunda

Sajak Sunda

JALADRI ASIH Kasedih teu euih-euih, Estu peurih njuruh getih, Salirantos pulih, Diampih ku Nu Maha Asih, Jaladri asih kasilih, Henteu bisa disisilih, Salira insan pinilih, Sugih ku elmu lineuwih, Pangwawadi estu matih, Pikeun jiwa anu sagetih, Sarta insan nu sakolih, Sangkan hirup repeh-rapij, Paniatan wening galih, padamelan sepi pambrih, Abdi teu weleh meredih, Ngadua ka Nu Maha Asih, Mugia salira pinanggih, Kani'matan putih-ratih #Sajakasunda

Sajak Lahir

Gubragna urang ka dunya wasilahna indung jeung bapa indung nu ngandung bapa nu ngayuga sakadarna sakadarna gumelar sajirim sasipatna